Header Ads

Header ADS

Kawih Murangkalih


KAWIH MURANGKALIH

Mangrupaning kakawihan anu sok di nyanyiken ku barudak zaman baheula lamun keur ulin. Tapi ayeunamah jarang kulantaran kasisihkeun Diantara aya sababaraha hiji, nyaeta:


Tokecang

Tokecang-tokecang
Balagendil tosblong
Angeun kacang angeun kacang
Sapendil kosong

Ayang- Ayanggung

Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak Ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Nia jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kanjeng Dalem
Lempa-lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi Ngemplong

Jaleuleu

Jaleuleu ja
Tulak tujaemon gog
Seureuh leuweung bay
Jambe kolot bug
Ucing katinggang songsong ngek!


Rat-Rat Gurisat

Rat-rat gurisat
Nini ingrate paeh diselap
Tiselap kana kuciat
Dibura ku laja tuhur
Laja tuhur meunang ngunun
Meunang tujuh taun
Kadalapan diburakeun
Nyeh prot… nyeh prot… nyeh prot…!

Trang-Trang Kolentrang

Trang-trang kolentrang
Silondok paeh nundutan
Mesat gobang kabuyutan
Tikusruk kana durukan

Tuktukbrung

Tuktukbrung tali tanjung
Papagan nyamplung
Pada leutik pada sempung
Patulangtung patulangtung brung ….

Daftar Pustaka:

Drs. Hadi, Ahmad. dkk. 2003. Peperenian, Kandaga Unak-anik Tutukusan jeug Rusiah Basa Sunda. Bandung: Geger Sunten (citakan ka-13)

Tidak ada komentar

Diberdayakan oleh Blogger.